Naskah
Ini buat kalian yang ternyata besok ada tugas drama Bahasa Sunda, dan belum sempet bikin, aku tahu banget rasanya, bikin naskah pas hari H, sama kejadiannya waktu aku SMP, tapi gak tahu juga sih gimana kronologisnya, ya pokoknya gitu. Yaudasiya, ngacak ngacak PC, ehh nemu inii.. semoga kepake ya!
HP
Siang,
Uih sakola. Mita sareng Wati nuju ngawangkong di tèras imah Mita.
Mita
:
“ Tingali yeuh, ( bari nèmbongkeun HP anyarna ) kamari urang
dibèrè HP ku
pun emang. ”
Wati : “ Wah, nginjeum euy .. ( ngarebut HP nu
Mita ) ”
Mita : “èh .. ( ngarebut deui HP na, dina
leungeun Wati ) meuli atuh ! “
Wati : “
Meuli, timana duitna? Sabenernamah èta HP tèh lain nu manèh tapi nu emang manèh.
”
Mita
: “ Naha bisa kitu? ”
Wati
: “ Nya heueuh atuh, ieu meulina ku
saha ? ( nunjuk HP nu Mita) ”
Mita : “
Ku pun emang. ”
Wati
: “ Duitna nu saha ? ”
Mita
: “ Nu pun emang. ”
Wati : “
Berarti, lain nu manèh. ”
Mita : “
Heueuhnya ( ngahuleng ) ”
Wati
: “ Dieukeun ( nyokot HP )
Wati
langsung buru buru lumpat, ninggalkeun imah Mita, da tos terang ti kapungkur ge
Mita mah gampang dibobodo. Teu lami Wati lumpat. Mita karek sadar, yèn manehna
dibobodo ku Wati.
Mita
: “ Astagfirullah, aduh aing mah,
Watiii..... ( buru – buru lumpat, ngudag Wati nu can jauh, sabari ngajorowok)
Wati .... kadieu siah, abong pinter, ngabobodo urang waè ( ambek – ambekkan ) ”
Wati : “
Aduh beuki deukeut euy .. ”
Kusabab riweuh pisan, Wati labuh.
Wati
: “ Aduh .. ”
Mita
: “ Hah siah, moal bisa kamana –
mana deui. “
Bakat
ku lebay, Wati jeung Mita siga di film film.
Wati : “
Tidakk.... “
Mita : “
Ieu nu aing ( Tegas ) ”
Wati : “
Lebay, yeuh ( mikeun HP na ka Mita, bari hudang sanggeus labuh ) “
Mita
: “ Dieukeun ( nyokot HP )
Geus
nyokot HP, Mita balik ka imahna. Sarua jeung Mita, Wati gè balik ka imahna. Di
jalan rèk ka imahna, Wati ngomong sorangan.
Wati : “
Boga HP nu kitu gè meuni abong, asa pang beungharna. Mahalan keneh coèt aing! “
Geus
nepi di imah Wati ........
Mamah
Wati : “ Kunaon ari manèh, datang – datang beunget jamedud. “
Wati : “
Mah, Wati hoyong HP ! “
Mamah
Wati : “ Kunaon ceunah budak tèh, datang – datang jol menta HP ? “
Wati
: “ Pokoknamah, Wati hoyong HP ! “
Mamah Wati : “ HP nya ? ( mikir ), oh heueuh, kè ku mamah pangmeulikeun HP. Hayang
nu
k kumaha nyah ? “
Wati : “ Kumaha mamah, nu penting mah HP. “
Isukna Wati balik sakola. Di imah Wati ......
Wati
: “ Assalamu’alaikum “
Mamah Wati : “ Wa’alaikumsallam “
Wati : “ Mah, HP ! “
Mamah Wati : “ Taraa .. , yeuh HP na. “
Wati : “ Aaaaa .... ( ceurik ) “
Mamah Wati : “ Kunaon kènèh atuh, kan eta HP
na geus dibere. “
Wati
: “Naha HP teh euweuh
pencetannana ? ( ngambek ) “
Mamah Wati : “ Gusti nu agung boga budak tèh
bodo – bodo teuing, ieu teh ngaranna HP
l layar sentuh. “
Wati : “
Oohh ..., èitss.. ulah kitu, kieu – kieu gè, Wati tèh pangpinterna di sakolaan.
Oh enya mah, ari makèna kumaha ? “
Mamah Wati : “ Kumaha nya ? ( malik nanya ) “
Wati
: “ Hah, berarti bener ceuk bu
guru buah mah muragna moal jauh tina tangkalna.”
Mamah Wati : ” Ngomong naon ai maneh ? “
Wati
: “ Jadi, anak mah sipatna moal
jauh ti kolotna. “
Mamah Wati : “ Oooo ....h “
Wati
: “ Baèlah nu penting HP. “
Wati langsung indit ka imah Mita, bade nèmbongkeun
HP anyarna. “
Wati
: “ Assalamu’alaikum “
Mita
: “ Wa’alaikumsallam, rèk naon, rèk
nipu urang deui? “
Wati
: “Tong kitu atuh jadi jelema tèh,
kudu positif thinking, ulah negatif thinking waè. “
Mita : “ Heueuhlah budak pinter mah, ngomongna
ogè campuran. “
Wati
: “ Urang ogèboga HP, leuwih alus
deuih ( bari nèmbongkeun HP na ). “
Mita ngahuleng bari ningalikeun HP Wati.
Wati
: “ Kunaon ? “
Mita
: “ Tombolna mana ? “
Wati
: “ Ieumah HP layar sentuh. “
Mita
: “ Oohh .. ari makèna kumaha ? “
Wati
: “ Teuing ... “
Mita jeung Wati olohok. (Raray cileupeung) :O
TAMAT
0 komentar:
Posting Komentar